Salah
sahiji organisasi di PBB widang Pendidikan, Ilmiah jeung Kabudayaan UNESCO dina
konferensi umum tanggal 17 Nopember 1999 netepkeun yén tanggal 21 Pebruari
minangka Poé Basa Indung Sadunya. Rarancang poé basa indung sadunya teh
kailhaman ku urang Banglades memeh pisah ti Pakistan. Urang Banglades teu bisa
laluasa ngagunakeun jeung mekarkeun budayana sorangan lantaran disengker pisan
ku Pamarentah Pakistan, kaasup dina basa Bangla, basa asli urang Banglades.
Salian
ti kailhaman ku urang Banglades, UNESCO ogé manghariwangkeun pisan basa indung
dina hiji mangsa bakal musnah, hal éta dumasar kana kanyataan nu aya yén basa
indung geus mimiti ditaringgalkeun, nu makéna beuki lila beuki ngurangan
kadeseh ku basa nasional jeung basa internasional. Loba masyarakat nu ngarasa
teu perlu ngagunakeun jeung bisa kana basa indung,