Kerja sekecil apapun jika dilakukan dengan sungguh-sungguh, percayalah, ia akan menghasilkan dampak yang sangat besar.

Selasa, 14 Februari 2012

BOKLAT



Kuéh Boklat mangrupi tuangeun has ISTANA BILQIS. Kuéh Boklat cocok pisan kanggo dijantenkeun cemilan upami urang nuju santéi, ngadamelna ogé teu kedah ngaluarkeun modal nu seueur, margi bahan-bahanna ogé kalintang basajan (sederhana) pisan. Bahanna nya éta kuéh marie, susu coklat sareng sérés. Upami hoyong langkung raos, tiasa ditampihan ku bahan anu sanés, nu saluyu sareng selera.

Cara ngadamelna ogé henteu sesah. Kuéh marie ditutuan dugi ka lemes. Saaatos kitu, lebetkeun kana wadah anu rada cépér, teras campuran ku susu coklat, teras dogalokeun dugi ka campurna rata. Saatos kitu teras adonan dibentuk janten bola-bola teras guleykeun kana sérés dugi ka sérésna narapel dina bola-bola. Supados langkung éndah, saéna mah nganggo sérésna nu warna-warni. Upami tos kitu mah kantun disajikeun. Kuéh boklat siap “dinikmati’ sasarengan.
Wilujeng nyobian ^^

Karangan bahasan basa Sunda kénging (siswi kelas IXA-ISTANA BILQIS-SMPIT Al Ukhuwah-Subang)
Abidah Awanis
Aina Rosyda Syamila.
Annisa Febriani P.
Fitri Maesari Devi
Laeli Isnaeni S.
Nurkhalisah Majidah
Tiara Rizkia Riafinola


Tidak ada komentar:

Posting Komentar