Ti isuk-isuk Karma
aprak-aprakan ka unggal perpustakaan jeung toko buku ningalan rupa-rupa corak étnik
keur bahan tugas ahir manéhna. Sabenerna geus aral basa dua judul anu tiheula
ditolak ku dosénna lantaran kaciri pisan meunang niron, jeung teu oténtik
cenah.
“Coba cari lagi
tema yang lain, kalau bisa langsung ke lapangan, teliti sampai di mana
perkembangan dan perubahan corak kain asli dengan yang ada sekarang. Perubahan
apa yang bisa kamu tangkap dari sana ... atau tema yang lainnya, saya kurang
suka dengan karya-karya ilmiah hasil contekan atau plagiat”.
Dosenna méré saran
ka Karma, Karma ngahuleng, uteukna geus butek mikiran rupa-rupa pijuduleun
tugas ahirna. Datang ka babaturanana lain méré ideu kalahka ngajak jalan-jalan.
“Enggeus Kar,
ayruna mah refreshing heula, bisi ngagolak éta uteuk téh dipaksa waé kudu mikir
mah.”
“Rék ka mana
kkitu ayeuna?” Karma ngéléhan.
“Urang gé sarua
sabnerna mah keur pusing. Kumaha mun urang jalan ka Dago?”
Krama ngahuleng.
Biasana lamun si Romi ngajak jalan ka Dago geus pasti manéhna balik kudu mawa
minuman keras.
“Hayu lah tong
loba ngahuleng, ku urang ditraktir. Di dieu we nginumna mah ngarah jongjon...
Geura geus dicébor mah uteuk téh seger seui.”
Balik ti jalan
Dago manéhna teu ngahaja ningal hiji jalma papakéanna sing sarwa hideung,
calana gombrang, baju kampret jeung iket hideung, mamawa kantong tina akar jiga
kantong koja urang Baduy tapi ieu mah leuwih lebar. Geulang bahar sagedé ramo
ngabeulit dina leungeunna, batu ali rapang dina ramona warna-warni jeung galaledé
jiga nu sok dipaké ku pelawak Tessi Srimulat.
Karma nitah
eureun ka Romi.
“Stop heula Rom,
itu aya jelema jigana mah ti pedalaman, sugan wae mawa nu anéh-anéh.”
“Ah paling ogé
tukang obat, rék debus atawa ngaluarkeun oray.” Ceuk Romi bari ngeureunkeun
motorna pasa hereuupeun éta jelema.
Karma murinding
ningal beungeut éta jelema. Halisna kandel déngdék ka sisi luhur, panonna
disipit-sipit tapi katingal semu beureum. Palebah hihideungna rada leutik,
kumisna ipis ngulapés ka handap, huntu laleutik kerep jeung katingal jiga
sareukeut.
Romi cingogo
ngilu ngariung ngurilingan éta jalma, ari Karma nangtung tukangeun Romi.
“Kuring datang ti
jauhna, seja rék nulungan sadérék-sadérék nu aya di dieu, lain rék nipu ngajual
obat nu teu pararuguh, atawa ngajual jimat, batu ali, isim, jeung buli-buli
ridho ikhlas mantuan rupa-rupa kasusah hirup.”
Jelema éta eureun
heula ngomongna panonna mapay ka jalma nu hadir di dinya.
“Kumaha cenah
carana, ... cukup namprakkeun leungeun baé jeung sebutkeun kasusahna
mudah-mudaha isuk jaganing pagéto geus leungit éta kasusah téh ... teu kudu mayar mahal, saridlona bae ...
rék saratus rék sarébu ... atawa teu boga duit ogé cenah, moal burung
ditulungan ...”
Salah saurang
maju ka hareup, ningal papakéanana jigana tukan béca. Manéhna namprakkeun
leungeunna. Tukang ramal nyampeurkeun ka éta tukang béca, terus nyekelan
leungeunna nu keur namprak.
“Saha ngaran téh
Jang?”
“Diman”
“Weton, poé
lahir?”
“Jumaah”
“Naon kasusah téh
Jang?”
“Lieur Pa, kuring
téh loba hutang, jeung hayang ganti pacabakan.
Éta tukang ramal
téh peureum, biwirna kunyam-kunyem jajampéan. Terus ngomong. Panonna tetep
peureum.
“Isuk-isuk
saencan panon poé bijil coba Ujang indit ka lebah wétan lempeng waé terus,
kira-kira geus aya tujuh belas kali méngkol Ujang cicing di dinya nepi ka panon
poé bijil. Mudah-mudahan Ujang meunang pacabakan nu anyar.”
Manéhna
ngadeukeutan eta tukang béca, terus ngaharéwos kana ceulina teu kadéngé ngomong
naon ngan tungtungna rada hawar-hawar kadénge nyebutkeun angka.
Tukang béca téh
unggut-unggutan bari seuri, jigana mah dibéré nomer judi togél meureun. Terus
éta tukang béca téh ngasupkeun duit lima ratus pérak kana wadah nu aya di
dinya.
Sanggeus kitu,
hiji-hiji jalma anu aya téh maju ka hareup, geus aya tilu urangna anu maju téh.
Karma noél ka Romi ngajak indit, tapi Romi jigana mah hayang ngilu maju
nanyakeun kasusahna.
“Ké heula Kar,
tungguan sakeudeung ...”
Manéhna maju bari
namprakkeun leungeunna ka éta jelema.
“Saha ngaran téh?”
“Romi”
“Weton?”
“Salasa”
Eta jelema nyekel
leungeun Romi bari kunyam-kunyem jiga saméméhna, bari peureum nanyakeun kasusah
Romi.
“Abdi téh susah
pisan néangan kanggo bahan tugas ahir, upami tiasa mah hayang manggihan corak
gambar anu anéh, orisinil jeung meunang nilai téh pangalusna.”
Karma seuri ngadéngé
Romi nyarita kitu téh, atuh nu aya di dinya gé kabéh marilu seuri.
Éta jalma teu
ngajawab kalahka nyokot kantongna, terus mikeun hiji barang dibungkus ku koran
ka Romi.
“Omat ieu
bungkusan ulah dibuka di mana baé, engké ari geus nepi ka imah pék geura buka,
mudah-mudahan kasusah Ujang leungit.”
Romi narima éa
bungkusan, terus manéhna ngaluarkeun duit sarébu, lung ... dialungkeun kana
wadah tempat duit.
“Nuhun nya Pa
...” Romi nganuhunkeun ka éta jelema terus ngajak indit ka Karma.
Satepina di imah
Romi gura-giru muka éta bungkusan téh, ari bray ... Romi jeung Karma colohok.
Eusi éta
bungkusan téh kaén salébar sorban, corakna pinuh ku rupa-rupa gambar anéh
sakapeung jiga lukisan abstrak,
ditilik-tilik deui jiga batik, tapi stilirna bener-bener anéh.
Katingalina memang nyari pisan jeung pantes.
“Gélo, ti mana Si
Bapa tadi meunang corak jiga kieu ...”
Romi ngomong bari katingali atoh pisan.
“Manéh pernah
ningali motif jiga kieu Kar?”
“Asa pernah
ningli, tapi di mana nya, poho deui.”
“Cik
inget-inget.”
“Asa gambar dina
Tatto Preman-preman di Amerika.”
“Lain atuh Kar,
urang apal pisan kana stilir modél kitu
mah.” Romi nyanggah pamanggih karma.
“Oh ... enya dina
“Poltergeist”, film meta fisik geuning, manéh inget henteu?” Romi ngahuleng
sakeudeung. Karma nyarita deui.
“Piraku poho, éta
gambar rajah-rajah élmu gaib, jeung rajah pikeun ngawadalkeun jelema ka
“Penguasa Kegelapan”... ngan gambar ieu mah leuwih rame corakna, jigana nu
nyieunna bangsa urang ... da pangaruh gaya stilir batikna katempo kuat pisan,”
Karma ngébréhkeun analisis atawa pamanggihna.
“Bisa jadi, lamun
kitu, ieu ngarupakeunsusunan simbul-simbul, lamun aya simbul, tangtu kudu aya
hartina ... lain kitu Kar?”
“Pasti ...” ceuk
karma bari seuri, ningal Romi ngomongna bari lajag-léjég jeung leungeunna
pepeta.
“Urang balik deui
yu, urang téang éta Bapa-Bapa nu tadi sugan waé meunang informasi anu leuwih
lengkep ngeunaan corak dina kaén ieu ...”
Ngomong kitu téh
romi bari ngarawél jékét kulitna, teu poho mawa kaén anu tadi. Karma nuturkeun
Romi, manéhna ogé sarua panasaranana.
Nepi ka tempat nu
tadi, geus kososng, malah euweuh tapak-tapakna acan.
Romi jeung Karma
luak-lieuk jiga jalma bingung, terus nyampeurkeun tukan béca nu keur saré dina
béca. Tukang béca ngarénjag, terus nyyusustan biwirna.
“Badé ka mana, Dén?
“”Punten pisan
Pa, ari tadi tukang ramal nu aya di dieu ka mana nya?”
Tukang béca keuheuleun ngadéngé Romi ngan
saukur nanya kitu.
“Duka teuing atuh
Dén!”
Bari terus asup
deui kana bécana neruskeun hanca saréna.
“Sugan waé Bapa
apal ngaran jeung kampungna?”
Tukang béca téh ngajawab bari peureum.
“Lamun teu salah
mah ngaranna Bapa Silbi urang Kampung Peteng.”
Romi ngaluarkeun buku telepon leutik terus
nuliskeun alamatna.
Bapa apal di mana
ari Kampung Peteng téh?”
“Teuing di mana
atuh Den, asa kakara ngadéngéna ogé.” Tukang béca gajawab,panonna mélétét,
jeung neruskeun jawabanna. “Lamun Adén hayang panggih mah cenah, impleng waé
beungeutna tengah peuting tangtu manéhna datang ...”
Ningal paroman
tukang béca jiga teu rido kitu, Romi jadi asa ngaganggu terus nganuhunkeun ka
tukang béca bari méré duit sarébu, keur roko cenah, biur baé indit jeung Karma.
Romi katingali
kuciwa pisan, teu bisa manggihan tukang ramal anu tadi méré kaén. Satepina ka
imah manéhna tuluy ngomong ka Karma.
“Engké peuting
saré di dieunya ... urang ngabahas stilir kaén téh, sugan waé bisa nyieun tugas
ahir tina bahan ieu ...”
Karma nyanggupan
terus manéhna indit, tujuanna rék ka perpustakaan deui néangan bahan pikeun
tugas ahirna jeung référénsi gambar simbul-simbul anu aya dina kaén nu
dibéré ku tukang ramal.
Kira-kira jam
salapan peuring, Karma geus katingal guntreng jeung Romi. Di hareupeunana
buku-buku numpuk sawaréh pasoléngkrah.
“Ah jigana moal
angeus-anggeus cara kkieu mah diskusi téh ...”
Romi indit ka tuang nyokot gelas, tuluy muka
botol minuman keras anu dibeulina tadi beurang.
“Drink heula Kar,
ambéh rada seger geura.”
“Aduh sorry Rom,
sakali nginum deui jigana urang langsung ngajongkéng jiga minggu kamari ... ieu
beuteung teu bisa narima ... dieusian ku nu kitu mah langsung seueul.”
Karma nolak,
pedah sieun panyakit mahna tambah parna. Romi ngartieun tuluy ngomong deui.
“Ceuk tukang béca
nu tadi mah, lamun hayang panggih jeung tukang ramal impleng baé tengah peuting
... ku urang rék dicobaan bener henteu éta tukang béca téh.” Romi terus nginum
jiga jelema nu hanaang di padang pasir. Gambar stilir dina kaén téh ku Karma
terus ditaliti.
“Bener-bener
corak gambar nu anéh.”
Kitu gerentes
haté Karma, terus éta akén anu lébarna jiga sorban téh diambeuan, manéhna
ngabirigidig. Rarasaanana manéhna kungsi ngambeu aroma kitu, tapi teuing di
mana.
Beuki disidik-sidik
eta gambar corak téh beuki atra katingali najan gambarna ngan sawarna nya éta warna coklat bata atawa jiga getih nu
geus garing. Corak téh ngagambarkeun jelema-jelema nu keur ngajajar dibeulit ku
sasatoan jeung tutuwuhan. Aya nu dibeulit ku oray, ngagandong bagong, numpak
anjing, dibeulit ku akar nu pinuh ku cucuk nagan palebah tungtungna jigana éta
gambar téh can anggeus. Da katingan nagn samar-samar jiga gurata sketsa patlot
wungkul tapi digambarna lain ku patlit da warnana semu héjo ngan teu jelas
bentuk naon. Di tungtung handap beulah kénca aya bacaan ngaran Silbi, manéhna
inget éta téh ngaran tukang ramal anu tadi.
Harita geus jam
sabelas peuting, Karma ngagolérkeun awakna dina korsi panjang panonna manco
kana telepisi, tapi teu kungsi lial guher manéhna saré mani tibra pisan.
****
“Di mana ieu téh?”
Karma kacida
reuwasna basa hudang manéhna geus aya di rumah sakit, katingal kulawarganan
ngariung ngurulingan manéhanana.
“Alhamdulillah
...” Kadéngé nu araya di dinya miji sukur.
“Geus sadar
geuning ayeuna mah, Kasép.” Indungna nyium tarang Karma bari reumbay cimata.
Karma ngahuleng,
teu ngarti aya kajadian naon nepi ka manéhna bisa asup ka rumah sakit,
saingetna mah manéhna keur ngéndong di tempat kosna Romi.
Paralak bapana
nyarita yén Romi tilu poé ka tukang geus maot, beungeutna geuneuk jiga tapak
nyekék, tapi ceuk visum dokter mah over dsis rea teuing nginum minuman keras jeung
dahar obat terlarang. Ari Karma mah diberitakuenna rupa-rupa aya anu ngomong
over dosis, soak pedah ningal baturna sakarat, pingsan pedah panyakit mahna
kumat, nepi ka digotong ka rumah sakit ogé teu sadar aya kana tilu poéna.
Karma ngahuleng,
katingali pisan manéhna bingung jeung ngarasa aneh.
“Istigfar ...
Kasép ... Istigfar.” Indungna terus nyiuman tarang Karma.
Karma istigfar. Hudang
... terus ménta dahar, lapar jigana mah, pedah tilu poe teu kararaban dahareun
pisan.
“Geus sukuran
Bapana ... anak urang téh teu ku nanaon geuning, séhat jagjag belejag.” Indungna
katempo bungaheun pisan ningali Karma dahar mani rampus.
Soré harita kénéh
Karma diijinan balik ku dokter da pedah teu ku nanaon, najan boga panyakit gé
teu matak pihariwangeun.
Nepi ka kamarna
Karma duik ngalamun, tetep teu ngarti ku kajadian nu ngarandapan dirina. Terus muka
rangsel nu harita dibawa ka imah Romi.
Manéhna reuwas
ningali kaén paméré tukang ramal téh aya dina kantongna jeung diskét dibungkus
dihijikeun.
Bray harita kénéh
diskét téh ku manéhna dibuka dina komputer, judulna atra pisan “Arti dari Symbol-Syimbol pada Rajah Stilir ‘Kampung
Peteng’.”
Karma terus
naliti deui éta kan téh, manéhna ngarénjag deui basa ningal gambar nu tadina
can anggeus, ayeuna mah geus beres digambar, katingal mangsina anyar kénéh,
warnana beureum semu hérang, ngagambarkeun stilir hiji jalma nu keur nangtung,
leunegun kéncana nyekel botol minuman keras, sedengkeun leungeun katuhuna
nyekel spet suntikan bari dibeulit ku dangdaunan ganja.
Haté Karma dag-dig-dug,
pikiranna tagiwur, terus éta kaén téh dialungkeun jiga anu sieun. Manéhna ngabirigidig
terus ngajerit tarik pisan basa maca ngaran tukang ramal anu aya dina éta kaén
téh kabaca ti sabalikna.
(Dicutat tina Mangle no. 1799)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar