Kerja sekecil apapun jika dilakukan dengan sungguh-sungguh, percayalah, ia akan menghasilkan dampak yang sangat besar.

Selasa, 21 Februari 2012

PAKÉ BASA INDUNG, MALAH MANDAR BASA INDUNG NANJUNG


Salah sahiji organisasi di PBB widang Pendidikan, Ilmiah jeung Kabudayaan UNESCO dina konferensi umum tanggal 17 Nopember 1999 netepkeun yén tanggal 21 Pebruari minangka Poé Basa Indung Sadunya. Rarancang poé basa indung sadunya teh kailhaman ku urang Banglades memeh pisah ti Pakistan. Urang Banglades teu bisa laluasa ngagunakeun jeung mekarkeun budayana sorangan lantaran disengker pisan ku Pamarentah Pakistan, kaasup dina basa Bangla, basa asli urang Banglades.
Salian ti kailhaman ku urang Banglades, UNESCO ogé manghariwangkeun pisan basa indung dina hiji mangsa bakal musnah, hal éta dumasar kana kanyataan nu aya yén basa indung geus mimiti ditaringgalkeun, nu makéna beuki lila beuki ngurangan kadeseh ku basa nasional jeung basa internasional. Loba masyarakat nu ngarasa teu perlu ngagunakeun jeung bisa kana basa indung,
sabab dina hirup kumbuh nu leuwih lega basa nasional jeung basa internasional leuwih loba digunakeun, salian ti eta aya nu ngarasa basa indung teh dianggap kuno, jadul, kurang gaul.
Numutkeun UNESCO, basa téh puseur kahirupan sosial, ekonomi, jeung budaya. Ku kituna, UNESCO nganggap penting poé basa indung sadunya dipiéling tiap taun-na, tujuannan taya lian pikeun mupusti basa daérah di sakuliah dunya sangkan henteu tumpur/musnah, lantaran unggal tujuh poé sakali aya baé hiji basa indung anu tumpur.
Hasil panalungtikan David Crystal dina bukunan Language Death (Kematian Bahasa), dina jero saratus taun ka hareup, tina 6.000-an basa nu aya di dunya kiwari nu masih kénéh dipaké, diperkirakeun 50 tepi ka 90 % bakal musnah.
Nurutkeun UNESCO, di dunya kiwari aya 2.500 basa indung nu keur nuju kana kamusnahan, alatan teu dipaké deui/ditaringgalkeun ku séké sélérna sorangan.
Pikeun nanjeurkeun jeung ngamumulé basa indung, Pamaréntah Provinsi Jawa Barat ngaluarkeun Peraturan Daerah (Perda) Nomor 5 taun 2003, ngeunaan miara basa, sastra, jeung aksara daerah. Pamarentah Jawa Barat ogé geus netepkeun muatan local basa Sunda di tingkat pendidikan dasar (SD, SLTP) tepi ka tingkat SLTA, sarta aya sababaraha daerah tingkat II anu ngawajibkeun pagawé nagri dina saminggu, sapoé di kudukeun make basa Sunda, ieu tarekah sanajan tacan katingali hasilna, minimal aya upaya pikeun mengamumule basa Sunda sarta dipiharep tarékah ieu leuwih lega aweuhanana, ngawengku ka sakabéh masyarakat nu aya di tatar Sunda.
Merhatikeun naon anu di ungkapkeun di luhur, sanajan ceuk UNESCO basa indung dianggap tumpur lamun seug panyaturna atawa masyarakat anu makéna kurang ti 100 rebu jalma, sedengkeun panyatur nu ngagunakeun basa Sunda kurang leuwih 17 juta jalma, jadi ari ceuk itungan matematis-mah jajauheun kana tumpur, tapi tetep aya kahariwang dina diri, hiji mangsa basa Sunda baris kubra, sabab urang Sundana sorangan dina ngamumulé basa Sunda kurang daria, beda jeung urang jawa anu leuwih reueus kada budayana. Urang Sunda kurang reueus kana budaya sarta basana sorangan, teu saeutik urang lembur nu sakola ka kota, siga nu seunggah ngagunakeun basa Sunda. Samalah bapa Sunda, indung Sunda, lingkungan Sunda, tapi di kulawargana ngajarkeun/ngagunakeun basa Sunda. Naha ieu téh salah sahiji nu dipikasieun ku para ahli mangrupakeun ciciren yén basa Sunda baris carem/kubra. Teu mustahil dina hiji waktu basa Sunda musnah seperti basa Yunani, Ibrani, Sangsekerta, Rum nu geus lewih tiheula kubra.
Lain sim kuring anti nasionalisme atawa anti globalisasi, tapi na geuning ari bangsa deungeun mah loba nu merhatikeun, ngarulik, dialajar kabudayaan nu aya di urang, samalah sababraha waktu kaliwat aya rombongan pelajar ti nagri Canada lobana 15 urang datang ka Subang rek dialajar kabudayaan nu aya di wewengkon Subang. Naha ari urang anu boga eta budaya siga nu teu maliré kana kamekaran budaya sorangan. Moal aya tunggal ika lamun henteu aya bhineka, sabab ari basa katut budaya mangrupa ciri ayana hiji bangsa, moal disebut bangsa Indonesia lamun dijerona teu aya séké sélér atawa budaya Sunda, Jawa, Bali, Batak, jrrd.
Tarékah anu geus dilakukeun ku UNESCO pikeun miara basa indung ngaliwatan poé indung sadunya, sarta usaha Pamaréntah Provinsi Jawa Barat ngaliwatan Perda-na, perlu pisan ku urang dipapag kalayan kagumbiraan sarta urang salaku masyarakat, hususna urang Sunda kudu ngarojong kana ieu kawijakan, mugia ka hareupna di saban wewengkon Tatar Sunda aweuhan poé basa indung sadunya dina tiap tanggal 21 Pebruari diayakeun pangeling – ngeling anu leuwih lega ambahanana sarta dieuyeuban kagiatan – kagiatan anu ngalibatkeun masyarakat, samisal lomba ngadongéng basa Sunda pikeun sakola SD, SLTP, SLTA, Mahasiswa jeung masyarakat, lomba nulis basa Sunda, lomba pidato basa Sunda, lomba kasenian Sunda jrrd. Atuh dilingkungan pamarentahan bisa dicoba rapat – rapat ngagunakeun basa Sunda, sanajan loba pajabat nu lain urang Sunda, tapi moal disebut bisa jeung teu bisa ngagunakeun basa Sunda lamun henteu dicoba, sarta salilana moal bisa lamun teu dibiasakeun.
Pikeun narekahan sangkan basa indung tetep nanjeur sarta mekar kaasup basa Sunda, kudu aya kasadaran ti séké sélér-na sorangan pikeun miara, micinta jeung mupusti kana budayana, ieu mangrupakeun tugas urang saréréa supaya entragan ngora, barudak sakola ngarasa reueus kana basa na sorangan, lamun ieu udagan geus kahontal tong hariwang basa Sunda bakal kubra.
Hurip Sunda!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar