Kerja sekecil apapun jika dilakukan dengan sungguh-sungguh, percayalah, ia akan menghasilkan dampak yang sangat besar.

Senin, 06 Februari 2012

Sundanese Version


Wasta pun Imas Siti Nuraeni, nénéhna Imas, aya ogé sakaol sobat dalit nu nyebut Imse, ku murid disebut Bu Ims, upama di kulawarga mah nénéhna téh Enok, sanajan kahayang mah disebut Neng. Gubrag ka alam dunya dina ping 11 Mei 1989 di Lemahsugih, Majalengka, mangrupa anak awéwé kadua sakaligus anak pamungkas tina salapan sadulur buah kacinta Bapa Olidin sareng Ibu Uun. Pun lanceuk méh kabéh lalaki (A Komar, A Yadi, A Yana, A Oman, A Yuyu, A Mumus, A Dadad), lanceuk awéwé mah ngan hiji-hijina (Teh Yeni). Agama Islam nu jadi ageman enggoning ngambah sagara dunya geusan babakti ka Illahi, kalawan miharep malah mandar di ahérat senang ngahenang-ngahening.

Mimiti nyuprih di tataran atikan formal di SDN Cakrawulan, tapi nalika nincak kelas 3 ngaranna robah jadi SDN Cibulan II, lulus SD taun 2001, nuluykeun ka SMPN 1 Lemahsugih. lulus taun 2004, satuluyna sakola di SMAN 1 Talaga, lulus taun 2007.

Nalika kelas dua SMP boga cita-cita hayang jadi guru basa Sunda, tapi nalika asup SMA éta cita-cita téh kapopohokeun lantaran di SMA harita tacan aya mata pelajaran bahasa Sunda. Kakara nalika ahir kelas tilu SMA cita-cita nu kungsi kaimpleng téh datang deui nalika milih neruskeun ka paguron luhur. Kalawan kayakinan susuganan aya milik milih ngilun PMDK ka Universitas Pendidikan Indonesia kalawan milih Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah prodi Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda. Berekah hibar pangdu’a katarima di Jurusan nu dicita-cita.

Salila diatik di atikan formal, kaasup kana golongan siswa nu calakan, kaciri tina prestasi akademikna. Di SD unggal caturwulan asup kana réngking 2 besar, malah kungsi jadi juara 3 pasanggiri maca gancang tingkat kecamatan. Nalika SMP ogé. Nalika SMA kungsi ngawakilan sakola dina pasanggiri nulis sajak Sunda tingkat kabupatén dina raraga Milangkala Majalengka tur jadi pinunjul kadua.

Keur sakola kaasup kana golongan siswa nu icikibung dina dunya organisasi. Di SMP ngiluan rupa-rupa kagiatan di antarana sekretaris Umum OSIS, Bendahara Dewan Penggalang (DP) Pramuka, anggota Palang Merah Remaja (PMR) jeung anggota grup kasenian tradisonal sakola. Nalika SMA, karesep kana organisasi beuki tambah-tambah, kungsi jadi sekretaris Umum OSIS, Anggota kelompok Ilmiah Remaja (KIR) jeung pangurus DKM Nurul Fataa SMAN 1 Talaga. Nincak dunya kampus ogé sumanget dina dunya organisasi beuki ngagedur, di antarana katara dina aktipitasna salaku:
a.       Pupuhu sub Bidang Kawanojaan Himpunan mahasiswa Pendidikan Basa jeung sastra Sunda (Hima Pensatrada) taun 2008-2009,
b.      Staff karohanian Islam Hima Pensatrada taun 2009-2010
c.       Anggota dewan pengawas Mahasiswa (DPM) Hima pensatrada 2010-2011,
d.      Staff bidang Humas Program Tutorial PAI-MKDU UPI, taun 2009-2010,
e.       Ketua Bidang Humas Program Tutorial PAI-MKDU UPI, taung 2010-2011,
f.       Pangurus Badan Khusus Mentoring Nasional (BK-Menas) FSLDK salaku Ketua Komisi Kurikulum, taun 2009-2011, jeung
g.      Anggota Keluarga Mahasiswa Majalengka (KMM), taun 2007-2011.
Organisasi-organisasi nu diiluan éstu bener-bener jadi bekel pikeun kahirupan saterusna.

Pangalaman indekos ti mimiti SMA ngajadikeun Imas jadi wanoja nu mandiri dina ngatur kahirupanna. Alatan prestasi akademikna ogé, kungsi sababraha kali meunang beasiswa nalika SMA jeung kuliah sahingga pikeun biaya sakola jeung kuliah teu pati nyusahkeun kolot.

Alamat maneuh di Blok Cikiung Desa Borogojl RT/RW 17/09 kecamatan Lemahsugik Kabupatén Majalengka, Jawa Barat, kode pos 45465.

(Ada yang tidak mengerti?)

3 komentar:

  1. Hahahahaha... Teh Imse, aku ngak2 guling2 baca kalimat ini, ""Gubrag ka alam dunya"... *_*

    Kesannya gimana gituhhh... hahaha...*masih ngak2 ketawa gak jelas*

    BalasHapus
    Balasan
    1. wah Teh diks ini, gak usah guling2 gitu dong......!!
      nanti pada nemel tuh yang di lantai ke badan ke badan. Oia, biasanya kalo lagi ngelamun terus disadarkan suka nge"Gubrakkk" gitu ya?

      Hapus
    2. nanti aku buat versi indonesian-nya deh, hawatir ada yang guling-guling lagi

      Hapus