Kerja sekecil apapun jika dilakukan dengan sungguh-sungguh, percayalah, ia akan menghasilkan dampak yang sangat besar.

Minggu, 26 Februari 2012

Nu Turun ti Langit



Dina haté langit peuting nu wening
Jibril lungsur kana suhunan
Jangjang-jangjangna anu hurung mancur
Sumebar minuhan sagara keusik

Dina haté langit peuting nu nyaring
Ngagebur cahaya rumaksa
Turun dicangking ku anu towéksa
Pikeun miceun sakumna dosa

Daun-daun korma tumungkur
Di laut ombak gé simpé
Di sagara keusik angin taya nu nyaring
Nyaksi datangna hiji dawuhan


(Apip Mustopa)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar